Senin, 11 Maret 2013


UJIAN

"Mah, du'akeun nya! Dinten ieu Ina bade ujian Fisika Optika. Tapi Ina teu acan ngapalkeun. Du'akeun we nya!" Ina nyarios bari sun tangan ka mamahna.

"Ku naon atuh teu diajar? Padahal mamah tos ngagugahkeun Ina ti Subuh. Kalakah bobo deui geura!" ceuk mamah.

"Atuh da. Ina teh kamari cape pisan. Jadi we bobona tibra. Hehe." waler Ina.

"Nya sok atuh jung berangkat! bisi kasiangan!"

"Muhun, Mah! Assalamu'alaikum!"

Ina ngabuka pager teras geura nyetop angkot. Dinten ieu teh, Ina sareng rerencangan sakelasna bade ujian Fisika. Ina ngandelkeun pisan kamampuan logikana ku margi da teu acan diajar.

Waktos dugi ka kelas, Ina ningal rerencangannana nuju diajar rame-rame. Basa Ina bade ngiluan, Pak Arfi, guru Fisika, lebet ka kelas. Barudak sakelas langsung paranik. Tapi Pak Arfi kalakah gumujeng bae.

"Barudak, ku margi bapana aya urusan, janten ayeuna teu ujian Fisika. Nu matak kitu, ujiannana diundur dugi ka Rabu."

"YEEEEEEE!!!!"

Ina ngarasa lega pisan. Untung we ujiannana diundur da Ina teu acan diajar pisan.

Di bumi, Ina ngomongkeun eta kabungah ka mamahna.

"Mah, ujian Fisikana teu janten!!"

"Alhamdulillah atuh!" ceuk mamahna.

Minggon payunna, Ina ujian deui. Tapi nu ieu mah jian Matematika. Sami siga kajadian ujian Fisika, Ina teu acan ngapalkeun. Untungna deui, ujiannana teu jadi. Dugi ka minggon katilu, kajadian siga kieu tos aya opat kali.

"Na, untung pisanlah maneh mah! Tiap-tiap ujian, maneh mah tara diajar. Tapi anehna ujianna teu jadi." ceuk Aldi, hiji waktu di kelas.

"Nya abdi ge teu terang atuh naha bisa kitu. Meureun we Dewi Fortuna nuju resep ka abdi. Hehe." waler Ina.

Minggon kaopat, Ina aya ujian Biologi. Ku lantaran kamari-kamari sok tara diajar teras ujianna teu janten wae, Ina jadi ngarasa males. Dina hatena, Ah, bae we lahteu diajar oge. Palingan teu jadi deui ujianna.

Enjingna, Bu Wati, Guru Biologi, lebet ka kelas. Teras ngabagikeun kertas soal.

Alah kumahanya. Ina teu acan ngapalkeun. Aduuh...

Salama ujian, Ina panik pisan. Ahirna waktosna se'ep. Ina kedah ngempelkeun kertas ujianna. Padahal kosong keneh.

"Tuh Ina! Maneh teh rajin diajar atuh! Abong-abong kamari tos opat kali beruntung jadi teu diajar. Ujian teu ujian, maneh kudu diajar di imah. Kumaha sih?" ceuk Aldi.

Ina isin pisan. Dina hatena Ina janji bakal rajin diajar, UJIAN TEU UJIAN!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar